Duuuuuh ahirna ical oge jetlag teh...tos sono ka para wargi...kaleresan sababaraha dinten ieu teh mani tiriiiiiis pisan di Massachusets janten males bade ka luar teh ari sanes kedah didamel mah, ah ngaringkeb we di bumi.......Hah I've been thinking to up date my blog nih...(sapertos neng Nana nya?) sateuacan males pisan langkung sae ngawitan..............Mhhhh Teh Willa teh sumping dinten Rebo kaping dalapan(8) Februari 2007. Teteh cobi ngawitan ti barang angkat ti bumi nya.......Angkat ti bumi di Salem Massachusetts teh kaping 28 Desember 2006.....kumargi mamah tos ngagaduhan tiket Malaysia Air, janten pan teteh kedah nyamikeun jadwal sareng anjeunna, alhamdulilah kenginglah sanaos rada awis oge margi dadakan nelepon ka Borneo Travel di San Fransisco teh......ahirna mah cunduk waktu ninggang mangsa..angkat we ka Newark di New Jersey State dianteur ku kakang..karunya tah uihna nyalira tapi kaleresan anjeunna teh pere sababaraha dinten janten saurna teh bade amengan ka rerencangan di New York dugi ka week-end..harita teh pami teu lepat mah kaping 28 teh dinten Kemis. Rencana pesawat take off tabuh 9:30,ku margi macet di New Jersey teh atuh nembe sumping ka bandara tabuh 7 wengi,tapi teu nanaon langsung we check-in teu aya pamengan nanaon sagala beres! Kumargi tos rada wengi kinten tabuh 8,si kakang teh dipiwarang angkat we ka New York karunya mana nyalira bilih wengi teuing,abdi mah sareng mamah calik we di ruang tunggu Malaysia......
Nya ahirna mah pesawat teh angkat tepat waktos tabuh 9:30(21:30) ti Newark International Airport ka Arlanda di Stockholm Sweden saurna mah lamina teh 7(tujuh) jam. Ah santei we Maaah.....tabuh sawelas siang(11:00) waktos Eropah pesawat teh dugi ka Arlanda salamet alhamdulilah.....lungsur ngalempengkeun cangkeng sareng sampean, eh geuning di Eropah oge teu aya salju nya? sami we sareng di Amerika bagean Utara(kaler) bener-bener global warming teh nya? Ari pun biang mah mani syukur...syukurrrrrr Gusti teu acan aya salju, teu acan aya salju ge tos tiris kitu kumaha pami turun salju saurna teh? pikaseurieun pisan si mamah teh...tapi emang leres siiiih!
Tabuh 12 para puan-puan katut encik-encik teh kedah naraek deui(boarding)bari jeung sagala dibuka tas teh..aaah tas mamah mah saurna teh seueur teuing pernak-pernik buuu! ma'lumlah nenek-nenek saur teteh ka petugas teh... angkatlah ka Malaysia..weleh-weleh geuning 11 jam Maah..santei we nya tong sutres...engke pami tos tuang cobi we kulem nya! Teu tiasa kulem saurna, ngagerung wae mesin teh sareng pan kakara ge gugah urang teh. Aah nya disabar-sabar we ahirna mah tabuh genep(06:00) enjing-enjing teh tos dugi ka Kuala Lumpur Malaysia salamet Alhamdulilah deui! Lungsur deui eeh kaleresan pisan terminal pelepasan(departure basa Malaysia) teh mani caket geuning! Nya tabuh salapan(09:00) waktos Malaysia sami sareng tabuh dalapan(08:00) di Jakarta pesawat Malaysia Air teh ngagerung deui ka tanah airku tercinta......teu karaos cisoca teh ngembeng barang ningali laut/pantei utara Jakarta nganuhunkeun tiasa deui sumping ka tanah air kalayan sehat wal'afiat Alhamdulilah! Puji Tuhan Praise The Lord! Tabuh sawelas(11:00) pesawat MH 0971 teh mendarat di bandara Sukarno Hatta..disambut ku putra teteh nyaeta non Gitta(begitulah panggilan sayang teteh)sareng carogena katut incu nu lucu bari rada isin keneh ....tapi meluk sareng nyiuman oge budak teh. Oh oge aya rai-rai teteh mapagkeun mamah...duuuh mamah mani alim dipiwarang bobo di Jakarta heula teh hoyong geura uih ka lembur saurna teh...nya saparantos nuang baso..duuuh welcome foodnya "BASO AKUNG" kitu? nu di terminal kedatangan luar negeri? Duuh saking tos sataun teu nuang REAL baso....mani asa nikmeeeeeh sekali..aya sih baso(babasoan) di cambodian restoran,kadang ngadamel nyalira, tapi langkung raos pami meser pan nya? pan teu cape heula:(
Nya mamah mah angkat we ka Sumedang sareng rai, teteh uih ka bumi Gitta di Kostrad Arteri PI.....Again I thanks God for His guidance!
NGAWITAN PETUALANGAN(PERJALANAN)TI JAKARTA KA SUBANG,SUMEDANG BANDUNG(kitu we salami lima(5) minggu.
Sumping ka bumi kinten-kinten tabuh 2(dua) atanapi 3(tilu)margi si noni teh seueur pisan ka ditu ka dieu heula....mani tos tunduh dina mobil keneh tapi diajak ngobrol teras,engke liren di tukang buah langganan TOTAL BUAH..wah siga nu kasurupan sagala dipeser aya kadu(duren) buah(mangga),jambu hejo,beureum kanggo ngarujak sareng bumbu rujakna sakalian,duku,manggu(manggis),jeruk lokan,salak pondoh,eeh meser siomay oge. Wah eta teh mung sabarahaeun Rp.250.000,-? Di Amerika mah panginten $250.00! balanjaan satroli metung kitu! Emang Indonesia teh THE BEST! Sumping ka bumi nuang sababaraha macem buah langsung collapse(pingsan) capeee,tunduuuuh.......Duuuh gugah tabuh 2 dini hari euy! Bener-bener jetlag yeuh! Nya ngaemamam buah-buahan deui we nyalira........maca itu,maca ieu,beberes,tungtungna mah enjing-enjing batur mah garugah,teteh mah kalah ka kulem deui.......
Mam bangun kita mau pergi ke Depok ke rumah Oma saur si noni,mammie tahu gak ini malem tahun baru? ah duka teu sadar lieur mammie mah pokona,angkat ka Depok sonten-sonten.....Wow macet tobatlahh...tapi da di Amrik ge macet dimana-mana,tong balagulah hade goreng ge negeri sorangan!(macet,bedebu,lobang dimana-mana,sampah dimana-mana) pan tos bagean hirup urang di Indonesia, teteh mah enjoy we nu aya dimana wae oge! Atuh malem taun enggal teh nya....kulem we dugi ka enjingna deui! WILUJENG TAUN ENGGAL 2007! Teteh hilap malem taun enggal hujan henteu Nana? pan Nana di Depok sanes? Eeh mudah-mudahan we Nana maos blog ieu nya!
Gugah kaping hiji(01 Jan) teu kamana-mana ngarobrol we sadidinten dugi ka siang kedah uih ka Jakarta margi non Git kedah terbang ka Denpasar-Jakarta 3 dinten. Wah teteh mah teler teras pokona....di Jakarta dugsek teras...tapi kaping tilu Jan mah pan happy da bade pendak sareng para wargi di Ta Wan Restoran..asyiiik I can't wait! Dongkap teh ka Ta wan disambut ku Rika nya....tos ningali teteh saurna mah dina foto....wah tos aya Fifi.....Irma(pami teu lepat) teras nu sanes sarumping Nana,Eva,Wida,Tantrie,saha deui nya punten pami aya nu kalangkung....cipika-cipiki? hi..hi aya istilah enggal nya? cium pipi kanan-cium pipi kiri? atuh mani rameeeee sonoooooooo.
04 Januari...alhamdulilah gugah tabuh 05:30
margi bade dipapagkeun ku wargi ti Subang..nya kinten-kinten tabuh dalapan (08:00) angkat ka Subang..dugi ka bumina kinten-kinten tabuh 11:00 tos disayagikeun tuangeun khas Sunda sapertos sayur haseum,bakakak hayam,sambel gandaria hhhhmmmm sedaaap sareng sarupaning lalaban! Asyiklah! Tos tuang teh diteraskeun ka Sumedang margi mamah tos ngantosan wae.....
Di bumi teh tos kempel rai-rai teteh nyarambut sapiriumpi,tatanggi ngabarageakeun..duh bagja seueur nu nyambut......tapi wengi eta mah teu acan kulem di Sumedang....perjalanan teteh diteraskeun ka Bandung..margi pan teteh teu acan pendak sareng putra nu di Bandung,mamah mah ngartos we da tos sasarengan opat sasih saurna teh. nya wengi eta teteh kulem di bumi rai namina Ayda sareng Amy di daerah Cibiru.
Bandung,05 Januari 2007.
Ngajak alo nyaeta Cika sareng Rafli katut ibuna(Ayda) sareng Amy, Dani(adi beuteung) teteh amengan ka BSM naek angkotlah resep,saurna hoyong ka dunia salju? sihoreng teh sanes salju sapertos di Massachusetts mung sakadar ice carving......jadi tiris panginten...duka da teteh mah teu lebet..margi I've lived in the ice world! emam naon cing di Mall? baso again? Baso sareng es teler 77!
06 Januari 2007.
Teteh uih deui ka Jakarta ngango travel Cipaganti margi kaping 7 pan bade ka Bali sareng non Maria,Lukas,alo ti Depok namina Gina katut oma Jonathans ti Depok. Raymond mah teu ngiring da aya pamengan. Mianglah kulawargi teteh ka Bali kaping 7 ti bandara S Hatta. Kulawargi non Git mah tos angkat ti payun ka Jogja,janten pendak di Bali kaping 7 sonten. wah hebohlah margi teteh mah naek naon cing? Adam Air nu leungit tea..........duuuh doana ge mani teu liren-liren sapanjang perjalanan tapi alhamdulilah cuaca dinten eta mani cerah sacerah-cerahna! PTL!
07-10 Januari aya di Bali.
Wah barudak mah heboh ka ditu-ka dieu,teteh mah cape keneh yeuh! santei we kaleresan di Bali teh kenging hotel 5 Stars(sanes sombong ieu mah nya para wargi mung PTl kenging garatisan ti nasabah BII) namina hotel Seminyak Bali(Novotel) duuuh kenging na teh di villa nu wah aya spa...jacuzzi de..el..el tea, sawengina teh kedahna mah mayar $2500.00, wah pimanaeun mun kedah mayar! I can't afford it Maak!
08 Januari 2007.
Tour ka pura Tanah Lot nu keren tea! Biasalah ngaemam nasi campur Bali dimana-mana. Dinner wengi eta ka "Warung Made"
09 Januari 2007.
Ka pasar Sukowati milarian oleh-oleh ternyata ayeuna mah ngempel di gedong husus oleh-oleh Bali....namina hilap euy! tangtos aya nu emutlah.......(special store for Bali's craft)
10 Januari 2007.
Uih ka Jakarta kana Adam Air deui tapi sakali deui PTL cuaca mani cerah......aaah Jakarta again? eeh lagi-lagi ningali Baso Malang Karapitan(BMK) di terminal Adam Air! atuh tangtos teu dilewatkeun!!
Lukas langsung uih ka Bandung sareng Maria,Jeff,Michael.
11 Januari 2007.
Nak mamie ka Bandung heula nya naek travel Cipaganti deui! Tilu dinten di Bandung ka ditu,ka dieu,kaping 14 Jan ka Jakarta deui! Pami teteh nuju di Jakarta biasana nganteur Aby sakola ti tabuh 10 dugi ka tabuh satu,tabuh tilu nganteur les kumon dugi ka tabuh opat(16:00) di Citos, teras budak teh ngojay ti tabuh opat dugi ka tabuh lima. Atuh dugi ka bumi teh kinten-kinten tabuh genep pami teu maceeet di antawis Citos-PI.
Duuuh saking ku cape panginten teteh ambruk ti kaping 16 ngawitan batuk-batuk,panas sakedik sih,leuleus...kawitna mah moal ka dokter ah,tapi ieu tos teu aya suantenna ahirna ka dokter oge dinten Jumaah kaping 19 di RSPI. Eeh enjingna tos ka Bandung deui waeeeee... tapi dipapagkeun deui ku wargi ti Subang, janten tiasa sindang di Subang teras ka Sumedang,teras ka Bandung. Di Bandung mundar-mandir we Cibiru-Setra Duta
23 Januari 2007.
Ngalongok rerencangan di Subang ngawengi sawengi.....enjingna uih deui ka Bandung...sontenna tabuh genep(18:00) ka Jakarta biasa kana travel Cipaganti! Di Jakarta ti kaping 23 wengi-27,kaping 28 ka Bandung deui margi aya lereskeuneun nu peryogi pisan.
Di Bandung ayeuna rada lami ti kaping 28 dugi ka ping 04 Februari 07. harita teh pami teu lepat mah Jakarta ngawitan banjir dinten Rebo? Janten teteh bingung teu tiasa ka Jakarta ti Bandung nu biasana kana travel,travel tutup,kareta api teu tiasa,atuh kapaksa kana beus Primajasa nu ka lebak Bulus da sieuneun kakeueum beus oge....tapi alhamdulilah kantos sindang heula ka Molly di bumina dinten Minggu teh..pileuleuyan Mol baktos we ka para wargi sadaya margi ku kaayaan banjir teu janten arisan kaping 5 Februari teh..ah sedih teu tiasa cipika-cipiki heula ka rai-rai hapunten nya ka sadayana. tapi kaping opat masih sempet ngajak tuang mamah,rai-rai sareng wargi nu aya di Bandung di resto Sunda Riung panyileukan di Cibiru............duuuh harita teteh pileuleuyan ka mamah sareng kulawargi margi aranjeunna teu tiasa jajap ka Bandara..sawioslah da rido saur mamah sareng rai-rai teh.... teteh mah da istri ludeungan(Fun Fearless Female)saur rerencangan mah! Wengi eta teh saatosna tuang, teteh nganteurkeun mamah sareng rai-rai ka Cibiru...ngobrol dugi ka tengah wengi...mani beurat bade uih ka Setra Duta teh(ka bumi Maria)tapi nya kapaksa da enjing-enjing dinten Senen kaping 5 Feb kedah mios ka Jakarta tea. Pileuleuyan Bandung!!!
Senen 05 Februari 2007.
Mios ka Jakarta(for good) kana beus Primajasa..tapi alhamdulilah teu ningali banjir! salamet dugi ka Lebak Bulus tabuh 11 siang dipapagkeun ku non Git sareng Aby!
Duuh Jakarta banjir janten teu tiasa kamana-mana deui,paling ka PI Mall,Blok M.....nya di bumi we nyeepkeun waktos sareng kulawargi non Git. Enjing-enjing kaping tujuh(07 Feb) sakumaha alimna oge uih teteh kedah ngantunkeun kulawargi deui mios ka Massachusetts...
Teteh angkat.... tangtos bade sumping deui! Mama/Oma pergi untuk kembali!
Rebo 07 Februari 2007.
Kembali ke Kuala Lumpur Malaysia naek MH 0071,PILEULEUYAN INDONESIA, 2 jam kemudian teteh tos aya di Kuala Lumpur deui! mani asa ngimpi.. Duuh ribet oge bandara Sepang Malaysia teh geuning, ti terminal ka Imigrasi oge kedah kana kareta,ti dinya teteh kedah ka hotel kana shuttle bus kinten-kinten 20 menit ti Bandara....ahirna dugi ka hotel....DUGSEK we PELOR. Gugah enjing-enjing tabuh lima(05:00) sarapan tabuh 05:30 mung ngopi wungkul ah, teras tos dipapagkeun ku shuttle ka bandara tabuh genep 06:00.......PILEULEUYAN, ADIOS MALAYSIA......INSYA ALLAH KALAU ADA SUMUR DI LADANG, BOLEH KITA MENUMPANG MANDI,KALAU ADA UMUR PANJANG, BOLEH KITA BERJUMPA LAGI!!!
Dugi ka newark teh kaping 8 Februari tabuh 6,ka luar ti bandara tabuh 7 masih kedah kana mobil 4 jam ka Salem Mass,atuh dugi ka bumi
teh tabuh 11:30 wengi capeeeeee....another jetlag! I AM HOMEEEEEEE!!